Jodiak SUNDA Taun 2012

Ngakak abis .. dapet dari forum tetangga, sengaja repost biar suatu saat bisa jadi plupur lara :)

»¤JODIAK SUNDA TAUN 2012¤«


1) Kaprikoren
Pagawean nu cocok : Dagang kurupuk
Keuangan : Pikawatireun, waspada debt kolektor
Asmara : Hambar

2) Akuwarius
Pagawean nu cocok : Dagang taraje jeung bilik
Keuangan : Eureunan unjam injem wae
Asmara: Sakeudeung deui jomblo , dikepret calon mitoha

3) Piskes

Pagawean nu cocok : Ngangkutan galon cai , sakapeung ngojek jeung ngiriman BBM ocon
Keuangan : Ledeh, loba urusan pacorokokod
Asmara : Ditolak deui, angger teu pira pedah rorombeheun

4) Ariyes
Pagawean nu cocok : Ngamandian domba
Keuangan : Loba ngahutang, gaji kapotongan wae
Asmara : Benerkeun heula beungeut

5) Tawurus
Pagawean nu cocok : Ngored jukut keur parab embe jeung dagang lahang
Keuangan : Katipu baturan deukeut. Kudu diruwat
Asmara : Teu payu payu, ganti peletna

6) Gemini
Pagawean nu cocok : Ngurek belut , ngala tutut
Keuangan : Bangkar, jujualan baju mitoha
Asmara : Ucrat-acret teuing... kabogoh diditu-didieu, euweuh nu eucreug

7) Kanser
Pagawean nu cocok : Macul , ngored
Keuangan : Sakarat, tereh bangkrut
Asmara : Euweuh nu daekeun, modal ipis

8) Leyo

Pagawean nu cocok : Noelan tukang jajamu
Keuangan : Ripuh pisan, teu saperak2 acan. Duh karunya
Asmara : Ati2 bakal kapelet, lawan ku dukun ti babakan cibelekok

9) Pirgo
Pagawean nu cocok : Dagang jengkol
Keuangan : Hambur pisan
Asmara : Teangan nu rada cageur

10) Libra
Pagawean nu cocok : Ngorehan runtah atawa tukang beling
Keuangan : Teu becus euweuh gadag neang duit
Asmara : Malem minggu engke manehna keur hayangeun diwowoy peda beureum + peuteuy

11) Sekorpio
Pagawean nu cocok : Moe huntu di buruan sakapeung menerkeun kenteng batur
Keuangan : Sarua jiga kamari boke Asmara : Boga kabogoh panyakitan

12) Sagitariyus
Pagawean nu cocok : Mersihan balong , mun keur halodo nyopet di pasar
Keuangan : Pamajikan ngadat menta tambahan resiko dapur
Asmara : Ditampilingan wae ku pamajikan, loba tatanya dukun jing!

sumber: dwh

Tags:
  • #null
  • Mutiara Hadist: Puasa Yang Diterima

    Barangsiapa Yang Berpuasa Dengan Keimanan Dan Dalam Rangka Mencari Pahala Disisi Allah, Maka Dosanya Yang Telah Lalu Diampuni.

    TOP