Kantenan urang kantos nguping atanapi ngangge istilah-istilah sapertos Carancang Tihang, Pecat Sawed, Janari Leutik, Janari Gede, Sareupna jeung saterasna.
Supados langkung jentre kalayang lengkap, sim kuring kenging referensi anu diketik ulang supados tiasa janten manfaat kangge urang sadaya khususna urang sunda.
BEURANG
- Jam 6, Carangcang Tihang
- Jam 7, Meletek Panon Poe
- Jam 8, Ngaluluh Taneuh
- Jam 9, Haneut Moyan
- Jam 10, Rumangsang
- Jam 11, Pecat Sawed
- Jam 12, Tangage
- Jam 1, Lingsir
- Jam 2, Kalangkang Satangtung
- Jam 3, Mengok
- Jam 4, Tunggang Gunung
- Jam 5, Sariak layung
PEUTING
- Jam 6, Sareupna
- Jam 7, Harieum Beungeut
- Jam 8, Sareureuh Budak
- Jam 9, Tumoke
- Jam 10, Sareureuh Kolot
- Jam 11, Indung Peuting
- Jam 12, Tengah Peuting
- Jam 1, Tumorek
- Jam 2, Janari Leutik
- Jam 3, Janari Gede
- Jam 4, Kongkorongok Hayam
- Jam 5, Balebat
Mugia manfaat mugia janten usaha urang sunda khususna sim kuring dina ngamumule adat budaya sunda.
Dihandap ieu gambaran mangrupa gambar supados langkung jentre.

sumber foto: fesbuk
Hatur nuhun .. hapunten bilih aya nu lepat :)